Istilah dina basa sunda bag. 4

Posted by USA Sunday, October 27, 2013 0 komentar
Ngaran - ngaran Patukangan

Anjun : Tukang nyieun parabot tina taneuh
Bujangga : Tukang nyieun/nulis carita
Candoli : Tukang ngajaga pabeasan dinu kariaan
Gending : Tukang nyieun parabot tina kuningan
Kabayan : Tukang dititah kaditu kadieu
Kajineman :1. Mandor sakitan
                  2. Tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
Kamasan : Tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
Kabojengkeng : Tukang ngagusur padati
Kulaer : Kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
Kuncen : Tukang ngurus kuburan
Legig : Tukang ngasruk dina pamoroan
Malim : Tukang naklukeun sasatoan
Maranggi : Tukang nyieun landean jeung sarangka keris
Merebot : Tukang nakol bedug
Nyarawedi : Tukang ngagosok permata
Pacakar : Bujang, juru laden
Paledang : Tukang nyieun parabot tina tembaga
Palika : Tukang teuleum (ngala lauk)
Pamatang : Tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak
Pamayang : Tukang ngala lauk di laut
Panday : Tukang nyieun parabot tina beusi
Paneresan : Tukang nyadap
Paninggaran : Tukang moro
Sarati : Tukang ngusir gajah

Hatur Nuhun Kana Kasumpinganna
Judul: Istilah dina basa sunda bag. 4
Ditulis oleh USA
Rating Blog 5 dari 5
Mudah-mudahan seueur manfaatna kanggo anjeun khususna, sareng kanggo urang sadayana umumnahttp://usa-urangsundaasli.blogspot.com/2013/10/istilah-dina-basa-sunda-bag-4.html. Hatur nuhun kana kasumpingan wargi sadayana.

0 komentar:

Post a Comment

Blog Urang Sunda Asli Desain Ku USA.