“ CIKALONG BOGA CARITA “

Posted by USA Sunday, June 2, 2013 0 komentar
“ CIKALONG BOGA CARITA “

Jungjunan..
Masih kagambar dina kongkolak rasa, basa urang ngambah panineungan... ebreh narembongan deui. Harita warna langit di wewengkon Cikalong estu bear marahmay, jomantra atra lenglang. Sang surya leuleuy sorotna, nyaksian urang nu ngalengkah paduduan di jalan satapak, jalan nu meuntasan pasawahan.

Harita lengkah teh teuing ku anca, manjangkeun lalampahan, ngarah henteu gancang gancang cacap. Da sidik mun hate kebek ku rasa cinta, heabna sungkan papisah, dunya ulah hayang mituray, waktu kudu tunduk ka nu keur patuyun tuyun.

Harita salira meulitkeun asih kana ati, ku harewos nu haroshos. “Kang, cinta teh endah, nya ? ... aah lir sajak leubeut ku majas, lir langit taya tutugan, lir kembang arum ambeuna. Sora salira lir angin nu rintih niiskeun batin. Harewos salira sumarambah kana bayah, matak tigin dina asih, palias rek jalir jangji.

Lengkah ngarandeg di hiji mumunggang peuntaseun sawah. Urang calik sisi gawir, paduduaan, reureuh sakedapan, nyawang sawah ti mumunggang.
Ah, jungjunan, asa nyeblak nyawangna. asih nu sumanding masing seungit siga malati, palias laas ku mangsa, paralun kapurba ku jaman.

Jungjunan, harita urang duaan neuteup na amparan sawah nu keur sumedeng beukah..
Ceuk salira... lalampahan cinta dina amparan rumah tangga nya akang, lir patani nu dalit jeung Nyi Pohacina. Silih titipkeun asih, silih talingakeun rasa, malah mandar buahna kaala, rasana kateda ku urang duaan.
hemmm bagja enung....

Mung hanjakal.. teu karaos kolebatna wanci,, urang kedah nutup lalakon carita, ningalkeun Cikalong nu boga carita.
Paingan cenah mun nyawang langit ku rasa cinta, estuning lajuna teu karasa. Urang uplek silih teuleuman rasa, ari wayah teu dipirosea, terang-terang sang surya ngalayang murag ka jurang sareupna...

Kiwari..
Guratan kaheman ngan ukur nyesakeun lambaran panineungan. Panineungan nu hamo luntur ku usum laas ku jaman, estu bakal jadi hiji catetan “ Cikalong boga carita “

Baca Selengkapnya ....
Blog Urang Sunda Asli Desain Ku USA.