Iket Sunda

Posted by USA Saturday, November 16, 2013 0 komentar
Filosofi Iket sunda

Iket /totopong atawa sok biasa disebut udeng nyeta kaen nu wangunna teh biasana segi opat, dipake keur nutupan/meungkeut mastaka (meungkeut mustika dina mastaka). Iket ngandung makna ngiket/meungkeut diri urang ngarah hirup teu kaluar tina aturan, boh aturan agama atawa aturan adat istiadat.

Mun nilik tina wangunna nu ilaharna,pasagi posisi diagonal jeung ditengahna 1 pasagi leutik. ngandung harti opat unsur kahirupan nu biasa disebut "opat kalima pancer"
  1. Cai
  2. Taneuh
  3. Seuneu
  4. Angin
Urang moal bisa hirup mun euweuh 4 unsur kahirupan eta. Tapi tetep diri urang nu mancerkeunnana, eta nu disebut kalima pancer teh.

Conto iket Makutawangsa
Tuluy nilik tina makena, iket nu wangunna pasagi teh dibentuk janten segi tilu. nu ngabogaan harti "Tri Tangtu" ( Agama, Adat istiadat, jeung pamarentahan). iket nu geus dibentuk segi tilu teh tulut dilipet heula sing rapih samemeh diiket nandakeun yen "Tri Tangtu" teh kudu dilakonan sing taat tuluy beungkeutkeun kana kahirupan urang.

Rupa-rupa iket

Aya loba pisan rup-rupa iket nu sok biasa dipake ku "ki sunda" (urang sunda) tapi rupa-rupa iket eta bisa dikelompokkeun jadi 2 nurutkeun asal mula ayana eta iket :
1. Iket buhun
2. Iket Rekaan kiwari
3. Iket Praktis

1.  Iket buhun nyaeta iket nu sok dipake sapopoe, nu geus aya turun temurun ti luluhur urang. Biasana rupa iket ieu aya di kampung-kampung adat nu masih ngajaga kana kabudayaannana. contona di kampung adat Naga, Kampung Adat Cikondang, Kampung adat nu aya di Banten. 
  • Rupa-rupa iket buhun diantawisna : Barangbang Semplak, Julang Ngapak, Kuda ngencar, Parekos Jengkol, Parekos Nangka, Iket Kekeongan, Maung Heuay, Porteng.
    2. Iket Rekaan kiwari nyaeta Rupa iket anu hasil kreasi sewang-sewangan (pribadi). boh "pengembangan  tina iket buhun, ide/ kreasi sorangan atawa iket buhun nu dilahirkeun deui sanggeus mangtaun-taun euweuh nu nyahoeun.

    3. Iket Praktis
        Geus jelas tina ngaranna ge, wangun iket nu dijieun pikeun ngababarikeun nu makena. teu kudu ngiket, tinggal masangkeun dina mastaka.

     Mung sakitu nu tiasa dijelaskeun ku sim kuring. Hapunten anu kasuhun, bilih aya kalepatan dina seratanna.


Baca Selengkapnya ....

Babasan jeung Paribasa

Posted by USA Friday, November 1, 2013 0 komentar
Naon hartina babasan?
Naon hartina paribasa? 
Naha babasan jeung paribasa teh hartina sarua?? 
Sawareh dulur pasti aya pananya eta. kuring rek ngajelaskeun sacara singket harti tina babasan jeung paribasa.

Babasan jeung paribasa ngandung harti nu ampir sarua. nyaeta 2nana
kaasup kecap pakeman nu ungkaranna geus matok.nu geus puguh entrep seureuhna. jadi babasan jeung paribasa mah lain ngandung harti sabenerna. Nu ngabedakeunna nyaeta paribasa mah ilaharna leuwih panjang tibatan babasan. Mun dina bahasa indonesia mah Paribasa = Peribahasa, sedengkeun Babasan nyaeta Ungkapan.
Di handap ieu Conto tina babasan jeung paribasa :

Atah Anjang : langka silih anjangan
Adigung adiguna : Takabur / sombong
Ambek nyedek tanaga midek : nafsu gede tapi tanaga euweuh
Anjing ngagogogan kalong : mikahayang nu lain-lain
Adat kakurung ku iga : Lampah goreng hese leungitna
Akal paul : jauh pisan
Aki - aki tujuh mulud : Geus kolot pisan
Ayem tengtrem : Tenang, euweuh kasieun
Asa teu beubeungeutan : Awahing ku era
Anu borok dirojok nu titeuleum disimbeuhan : mupuas kanu keur cilaka
Amis budi : hade paroman
Aya jurig tumpak kuda : aya milik teu disangka - sangka
Aya jalan komo meuntas : aya kahayang aya nu ngajak
Awewe dulang tinande : awewe nurutkeun kahayang salaki
Amis daging : babari katerap kasakit
Abong letah teu tulangan : sagala dicaritakeun sanajang pikanyerieun batur
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed : Ari umur geus kolot, tapi kahayang siga budak ngora
Agul ku payung butut : agul ku turunan
Aya pikir kadua leutik : aya kahayang
Asa ditonjok congcot : ngarasa bungah pisan
Adeang ku kuda beureum : ginding ku pakean meunang nginjeum
Birit aseupan : teu daek cicing
Biwir nyiru rombengeun : resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok : sauyunan, ngariung babarengan
Beurat birit : hese dititahna
Bali geusan ngajadi : Lemah cai kalahiran
Balungbang timur : nuduhkeun hate beresih
Bobo sapanon carang sapakan : aya kakurangan
Bilatung ninggang dage : bungah pisan
Batok bulu eusi madu : ninggang lain pitempateunna
Badak cihea : degig
Bonteng ngalawan kadu : nu hengker ngalawan nu bedas
Babalik pikir : insap
Balik pepeh : nu gering teu daek cicing
Balik ka temen : asal banyol jadi pasea
Buntut kasiran : medit
Bodo alewoh : bodo tapi daek tatanya
Bodo kawas kebo : bodo kacida
Beja mah beja : Beja ulah waka dipercaya
Bancang pakewuh : pikasusaheun
Budak keur meujeuhna bilatung dulang : keur meujeuhna beuki dahar
Bulu kapaut : kabawa ku batur
Balabar kawat : beja nu sumebar
Beak dengkak : sagala ihtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae
Batan kapok galah gawok : batan eureun kalah maceuh
Buruk buruk papan jati : hade goreng dulur sorangan
Cueut kahareup :  tereh maot
Deukeut deukeut anak taleus : Deukeut tapi taya nu nyahoeun
Disakompetdaunkeun : disamarutkeun
Dibeujeur beaskeun : dijentrekeun, dieceskeun
Dogdog pangrewong : Acara panambah
Dibabuk lalaykeun : dibabuk kenca katuhu
Dagang oncom rancatan emas : Teu saimbang
Dihin pinasti anyar pinanggih : Papasten geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
Dug hulu pet nyawa : Usaha satekah polah
Elmu ajug : Bisa mapatahan batur, ari soranganna teu bisa ngamalkeun
Gantung denge : masih dedengeeun
Ginding kekempis : Ginding tapi sakuna kosong
Gede gunung pananggeuhan : Boga andeleun pedah boga dulur beunghar
Garongmengmengeun : Taya kasabaran
Galehgeh gado : sagala dicaritakeun
Garo singsat : pagawean awewe dina aya ka teu panuju
Gurat batu : pageuh kana jangji atawa mawa karep sorangan
Goong saba karia :nonjokeun maneh sangkan kapake ku dunungan
Goong nabeuh maneh : ngagulkeun diri sorangan
Getas harupateun : Gancang napsu
Gindi pikir belang bayah : goreng hate
Hampang birit : daekan kana gawe
Hambur congcot murah bacot : goreng carek tapi berehan
Heuras genggerong : omonganna sugal
Hade gogog hade tagog :jalma sopan
Hutang salaput hulu  Hutangna kaditu kadieu (loba hutangna)
Hurung nangtung siang leumpang : nu beunghar pangabogana dipake
Hejo tihang : sok pundah pindah gawean
Harigu manukeun : dadana nyohcor kahareup
Haripeut ku teuteureuyan : gancang kapincut ku pangbibita
Harewos bojong : ngaharewos tapi kadenge ku batur
Mandap lanyap : omonganna lemes tapi ngahina
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe : kahadean mangtaun-taun leungit ku kagorengan sakali
Heureut pakeeun pungsat bahan : kurang kaboga
Hampang leungeun : gancang tunggal teunggeul
Iwak nangtang sujen : ngadeukeutan pibahayaeun
Inggis batan maut hinis : paur pisan
Jalma atah warah : teu narima didikan sacukupna
Jati kasilih ku junti : pribumi kaelehkeun ku semah
Jauh - jauh panjang gagang : jauh - jauh teu beubeunangan
kawas anjing kadempet lincar : gogorowokan menta tulung
Kawas Anjing tuntung buntut : Teu daek cicing
Kawas bueuk meunang mabuk : Ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
Kurung batok : tara indit-inditan jauh
Kawas beusi atah beuleum : beungeutna beureum awaning ambek
Kokolot begog : budak pipilueun kana urusan kolot
Kawas nu dipupul bayu : leuleus taya tangan pangawasa
Kumaha geletuk batuna, kacebur caina : kumaha brehna
Kejot borosot : gampang nyokot kaputusan teu dipikir heula
Kabawa ku sakaba-kaba : kabawa ku nu teu puguh
Kahieuman bangkong : Jiga beunghar pedah katitipan ku barang batur
Katempuhan buntut maung : Batur nu boga dosana, urang nu katempuhanna
Kawas cai dina daun taleus : taya tapakna
Kawas jogjog mondok : teu daek repeh
Kelek jalan : deukeut tapi jalanan taya nu lempeng
Kawas jaer kasaatan : Teu daek cicing
Kawas gaang katincak : Jempe
Kawas hayam panyambungan : Lumbang limbung teu puguh
Kawas kuda lepas tina gedogan : ngarasa bebas
Kaciwit kulit kabawa daging: anak nu boga dosana, kolot nu kababawa
Kandel kulit beungeut : Euweuh kaera
Kujang dua pangadekna : pagawean nu maksud dua cabak
Kokoro manggih mulud : makmak mekmek
Kawas kedok bakal : goreng patut pisan
Kaliung kasiput : loba baraya beunghar
Kawas kapuk kaibunan : leuleus taya tangan pangawasa
Kalapa bijil ti cungap : Rusiah dicaritakeun ku sorangan
Kawas kacang ninggang kajang : Nyaritana capetang tur gancang
Kawas nyoso malarat rosa : malarat pisan
Kulang canggeum : milik nu geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
Kembang buruan : budak nu keur resep ulin
Kawas leungeun palid : uyap ayap teu daek cicing
Kawas lauk asup kana bubu : hese rek kaluar
Kawas merak : Beuki kana cengek
Kawas cucurut kaibunan : goreng patut pisan/ kulimis
Kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salebak : Sauyunan
Leuleus awak : daekan
Leuleus jeujeut liat tali : gede tinimbangan
Laer gado : Kabitaan
Leutik-leutik ngagalatik : awakna leutik tapi gede kawani
Landung kandungan, laer aisan : gede tinimbangan
Lalaki langit lalanang jagat : gagah perkasa
Lauk buruk milu mijah : marokan-marokan maneh
Lesang kuras : teu bisa nyekel duit
Leumpeuh yuni : teu kuat nenjo nu cilaka
Lodong kosong ngelentrung :  Jalma loba ngomong pangartina kosong
Loba luang jeung dulang: : Loba pangweruhna
Leutik ringkang gede dulang : manusa awakna leutik jiwana gede
Legok tapak, genteng kadek: Loba pangalamanna
Meungpeun carang ku ayakan : api-api teu nyaho tapi nyaho
Murag bulu bitis : teu betah cicing di imah

Baca Selengkapnya ....

Istilah dina basa sunda bag. 4

Posted by USA Sunday, October 27, 2013 0 komentar
Ngaran - ngaran Patukangan

Anjun : Tukang nyieun parabot tina taneuh
Bujangga : Tukang nyieun/nulis carita
Candoli : Tukang ngajaga pabeasan dinu kariaan
Gending : Tukang nyieun parabot tina kuningan
Kabayan : Tukang dititah kaditu kadieu
Kajineman :1. Mandor sakitan
                  2. Tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
Kamasan : Tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
Kabojengkeng : Tukang ngagusur padati
Kulaer : Kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
Kuncen : Tukang ngurus kuburan
Legig : Tukang ngasruk dina pamoroan
Malim : Tukang naklukeun sasatoan
Maranggi : Tukang nyieun landean jeung sarangka keris
Merebot : Tukang nakol bedug
Nyarawedi : Tukang ngagosok permata
Pacakar : Bujang, juru laden
Paledang : Tukang nyieun parabot tina tembaga
Palika : Tukang teuleum (ngala lauk)
Pamatang : Tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak
Pamayang : Tukang ngala lauk di laut
Panday : Tukang nyieun parabot tina beusi
Paneresan : Tukang nyadap
Paninggaran : Tukang moro
Sarati : Tukang ngusir gajah


Baca Selengkapnya ....

Istilah dina basa sunda bag. 3

Posted by USA Saturday, October 26, 2013 0 komentar
Ngaran Kekembangan 

Kembang Awi : Eumbreuk
Kembang kadu : Olohok
Kembang Bako : bosongot
Kembang Kalapa : Suligar
Kembang Bawang : Ulated
Kembang Kaso : Curiwis
Kembang Bolang : Ancal
Kembang Kawung : Pengis
Kembang Boled : Tela
Kembang koneng : Badul
Kembang Cabe : Bolotot
Kembang Kulur : Pelepes
Kembang Cau : Jantung
Kembang Laja : Jamotrot
Kembang Cengek : Pencenges
Kembang Leunca : Pengit
Kembang Cikur : Jelengut
Kembang Limus : Seleksek
Kembang Eurih : Ancul
Kembang Lopang : Cacas
Kembang gedang : Ingwang
Kembang Muncang :Rinduy
Kembang Genjer : Gelenye
Kembang Pare : Ringsang
Kembang Hoe : Bubuay
Kembang Peuteuy : Pendul
Kembang Honje : Comrang
Kembang Salak : Sede/Gojod
Kembang Jaat : Jalinger
Kembang Sampeu : Dingdet
Kembang Jambe Mayang
Kembang Taleus : Ancal
Kembang Jambu Aer : Lenyap
Kembang Tangkil : Uceng
Kembang Jambu Batu : Karuk
Kembang Terong : Moncorong
Kembang Jarak : Uing
Kembang Tiwu : Badaus
Kembang Jotang : Puntung
Kembang Waluh : Alewoh
Kembang Jengkol : Merekenyenyen
Kembang Jeruk : Angkruk/Angkes

Baca Selengkapnya ....

Istilah dina basa sunda Bagian ka 1

Posted by USA Wednesday, October 23, 2013 0 komentar
Basa sunda mangrupakeun basa nu unik, sabab loba pisan nu ngabedakeun jeung basa nu lian saperti ayana undak usuk basa, babasan/paribasa sarta lobana istilah-istilah  dina basa sunda.
Dina ieu postingan, kuring rek ngabahas istilah-istilah dina basa sunda. manawi aya sawareh dulur-dulur aya nu hilap deui, atanapi teu acan terang. mugi-mugi seueur manfa'atna kanggo urang sadaya, sareng tiasa ningkatkeun kacintaan urang kana basa sareng budaya sunda.

Rundayan / Turunan

Bau sinduk : indung/bapana gantung siwur
Kait siwur : indung bapana udeg-udeg
udeg-udeg : indung bapana janggawareng
Janggawareng : indung bapana bao
Bao : indung bapana buyut
Buyut : ikndung bapana aki atawa nini
Aki : bapana indung atawa bapa
Nini : indungna indung atawa bapa
bapa : lalaki nu boga anak, salaki indung
indung : awewe nu boga anak, pamajikan bapa
anak : turunan kahiji
incu : turunan kadua, anakna anak
Buyut : anakna incu
bao : anakna buyut
Janggawareng : anakna bao
udeg-udeg : anakna janggawareng, incuna bao
gantung siwur : anakna udeg udeg
bau sinduk : anakna gantung siwur

Dulur atawa baraya ti gigir

Adi :Dulur sahandapeun
Lanceuk : dulur saluhureun
Emang/mamang : Lalaki, adina bapa atawa adina indung
Bibi : awewe, adina bapa, atawa adina indung
Toa/Ua : lanceukna bapak atawa lanceukna indung
Alo/suan : anak lanceuk atawa anak adi
kapiadi : anakna emang / bibi
kapilanceuk : anakna ua
Incu ti gigir : incuna adi, anakna alo atawa anakna suan
Aki ti gigir : lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini
ua ti gigir : anakna lanceuk aki/nini
Emang/mamang ti gigir : lalaki, anakna adi aki/nini
Bibi ti gigir : awewe, anakna ai aki/nini

Dulur atawa baraya sejenna

Besan/warang : indung atawa bapa minantu, mitohana anak
Mitoha : indung/bapak salaki atawa indung/bapa pamajikan
mantu/minantu : salaki anak atawa pamajikan anak
dahuan : lanceukna salaki atawa pamajikan
adi beuteung : adina salaki/pamajikan
dulur pituin : dulur asli
dulur teges : dulur saindung/sabapa
Maru : awewe sejen nu jadi pamajikan salaki (nyandung)
indung tere : pamajikan bapa,lain anu ngalahirkeun urang
bapa tere : salaki indung, lain nu ngalantarankeun urang lahir
anak tere : anak sampakan ti salaki atawa pamajikan
dulur tere : anak indung tere atawa anak bapa tere ti popotongan masing-masing
cikal : anak panggedena
bungsu : anak pangleutikna
pangais bungsu : lanceukna bungsu
popotongan : urut salaki atawa urut pamajikan (lantaran pepegatan) memeh kawin deui ka nu sejen
baraya : sakur nu aya dina pancakaki
baraya landes : baraya deukeut keneh
baraya laer : baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna
mintelu : baraya turunan katilu
karuhun : luluhur jalma jalma nu kungsi aya heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang
deungeun-deungeun : nu lian, atawa lain baraya
deungeun haseum : teu baraya saeutik-eutik acan
bibit buit : turunan asli


Baca Selengkapnya ....
Blog Urang Sunda Asli Desain Ku USA.