Jaman Baheula VS Jaman kiwari

Posted by USA Friday, May 11, 2012 0 komentar
Naon atuh bedana jaman baheula jeung jaman kiwari?? hayu urang lenyepan sarerea, seueur keneh perubahan positif atanapi negatif tina kamajuan jaman kiwari teh?

Kamari, sim kuring sareng dede kuswaya ngawangkong bari ngopi tepas imah bari bari nyanghareup ka buruan. Di buruan eta baheula kuring sareng dede sok ngadu kaleci, ucing sumput, maen langlayangan jeung barudak nu sejen mun mulang ti sakola teh. Kadang-kadang dina keur ulin kitu teh sok diselingan ku jampe atanapi jangjawokan bari karompak deuih macakeunna teh. Sono pisan ka jaman keur budak mun ngemut-ngemut kadinya mah. Naha bet ayeuna, asa jarang ningal barudak nu gocret di buruan jiga kitu teh. ayeuna mah maenna teh PS, internet, game online, atawa momotoran jeung sajabana. ieu meureun nya efek tina kamajuan teknologi teh?

Kamajuan teknologi emang teu tiasa dihalangan, kumargi seueur oge manfaatna. contona tina internet, urang tiasa janten luas pengetahuan teh. Mung urang kedah tiasa nempatkeunna, kumargi seueur oge dampak negatif tina kamajuan teknologi eta upami urang salah ngagunakeunnana. salah sahiji dampak nu matak prihatin pikeun urang nyaeta budak ayeuna mah masih keneh smp ges apal bokep, arasup geng motor, marabok. Rek maju kumaha negara urang mun barudak sakolana ge jiga kitu. cobi urang bandingkeun jeung barudak baheula nu kaulinanna saperti ucing sumput, maen langlayangan, jeung sajabana. sarehat budak baheula mah, ulinanna ge lulumpatan wae. palinter deuih, kumargi sok dilatih berfikir dina kaulinan teh tur otakna ge teu kacampuran ku hal-hal nu matak kotor.

Ayeuna kantun dibandingkeun ku urang sarerea, naha loba keneh mana manfaatna kaulinan baheula jeung kaulinan kiwari teh... ulah nepika kaulinan urang baheula teh leungit ku kamajuan teknologi. Mun lain urang nu ngamumule, ku saha deui????
Hatur Nuhun Kana Kasumpinganna
Judul: Jaman Baheula VS Jaman kiwari
Ditulis oleh USA
Rating Blog 5 dari 5
Mudah-mudahan seueur manfaatna kanggo anjeun khususna, sareng kanggo urang sadayana umumnahttp://usa-urangsundaasli.blogspot.com/2012/05/jaman-baheula-vs-jaman-kiwari.html. Hatur nuhun kana kasumpingan wargi sadayana.

0 komentar:

Post a Comment

Blog Urang Sunda Asli Desain Ku USA.