Pepeling

Posted by USA Friday, September 20, 2013 1 komentar
kanya’ah nu jadi indung moal lapur ku ngajulangna gunung
kaheman nu jadi bapa moal perlaya ku legana alam dunya
estuning ibarat jaladri tanpa tepi, jaladra tanpa wekasan
sanajan nyawa kudu jadi taruhan
teu aya halangan asal sang anak waluya

masih nyengcelak dina kongkolak panon
kapireng juuhna cimata indung jeung bapa
merengan galindengna rumpaka basa nu ngalagena
nyurup .. nembus kana tungkusan
kalbu

Anaking... !!!
regepkeun pepeling ema jeung bapa.. !!
najan lengkah kahalang gurawesna jurang jeung jungkrang
ulah jadi alesan keur hidep dina ngahontal sagala tujuan
prak di ajar masing tekun, keur neuleuman eusining hirup
teuteup kahareup jalan nu baris disorang
nu katukang ..kade sing jadi eunteung
nyukcruk elmu, nyuprih harti omat sing nepi ka jucung
ulah kabengbat hal anu mawa tugenah, mawa cilaka diri
omat anakaing ulah ngalelebar diri.. !!
sabab hidep teh sirung harepan ema jeung bapa
nu bakal ngalalakon di mangsa nu bakal datang

emh.. paingan dina papagon kahirupan sok digambarkeun..
indung teh tunggulna rahayu...
ari bapa mangrupakeun catangna darajat
estu eta babasan teu nyalahan saeutik oge
natrat.. kanya'ahna..
nu tara luntun ku usum, moal laas ku robahna jaman...

Baca Selengkapnya ....
Blog Urang Sunda Asli Desain Ku USA.