Kampung Naga

Posted by USA Sunday, April 22, 2012 0 komentar
Kampung Naga mangrupakeun kampung adat Sunda-Islam nu sacara administratif asup ka wewengkon Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Tasikmalaya, nu legana kira 4 ha.


Béda ti masarakat adat ilaharna, urang Kampung Naga mah campur jeung masarakat modéren, ngagem Islam, tapi masih pengkuh miara adat karuhun. Dina hiji sisi masarakatna bisa narima kamodérenan kayaning ayana tipi, listrik, jeung sajabana, tapi dina sisi séjén maranéhna tetep nyepeng adat karuhunna (wangunan imah panggung tina anyaman awi, hateup injuk, miara leuweung, melak paré variétas lokal, jsb.). Numutkeun Ahman Sya, salah saurang guru besar UNSIL Tasikmalaya, pengkuhna masarakat Kampung Naga téh utamana mah dina hal taat hukum, gotong royong, jeung basajan (teu konsumtif).
Di antara upacara adat nu dilaksanakeun di Kampung Naga nyaéta
  • Upacara poé-poé Islam
    • Mulud atawa Alif ku ngayakeun Pedaran (macakeun sajarah karuhun) nu dimimitian ku mandi di walungan Ciwulan
Wangunan di Kampung Naga boh imah, masjid, balé patemon, atawa leuit bentukna sarua. Luhurna ditutupan ku hateup jeung injuk (tutup wuwung). Pindingna tina bilik, sedengkeun pantona tina serat hoé, kabéhanana nyanghareup ka kalér atawa kidul. Ornamén arsitéktur has Kampung Naga nu lianna nyaéta susunan batu nu rapih.

Kampung Naga mangrupakeun salasahiji objék wisata di Tatar Sunda nu loba dijugjug ku wisatawan jero jeung luar negri, rata-rata kana 40 rébuan urang per taun.

dicutat tina : http://su.wikipedia.org/wiki/Kampung_Naga
Hatur Nuhun Kana Kasumpinganna
Judul: Kampung Naga
Ditulis oleh USA
Rating Blog 5 dari 5
Mudah-mudahan seueur manfaatna kanggo anjeun khususna, sareng kanggo urang sadayana umumnahttp://usa-urangsundaasli.blogspot.com/2012/04/kampung-naga.html. Hatur nuhun kana kasumpingan wargi sadayana.

0 komentar:

Post a Comment

Blog Urang Sunda Asli Desain Ku USA.