Posted by USA
Saturday, October 26, 2013
Ngaran Kekembangan
Kembang Awi : Eumbreuk
Kembang kadu : Olohok
Kembang Bako : bosongot
Kembang Kalapa : Suligar
Kembang Bawang : Ulated
Kembang Kaso : Curiwis
Kembang Bolang : Ancal
Kembang Kawung : Pengis
Kembang Boled : Tela
Kembang koneng : Badul
Kembang Cabe : Bolotot
Kembang Kulur : Pelepes
Kembang Cau : Jantung
Kembang Laja : Jamotrot
Kembang Cengek : Pencenges
Kembang Leunca : Pengit
Kembang Cikur : Jelengut
Kembang Limus : Seleksek
Kembang Eurih : Ancul
Kembang Lopang : Cacas
Kembang gedang : Ingwang
Kembang Muncang :Rinduy
Kembang Genjer : Gelenye
Kembang Pare : Ringsang
Kembang Hoe : Bubuay
Kembang Peuteuy : Pendul
Kembang Honje : Comrang
Kembang Salak : Sede/Gojod
Kembang Jaat : Jalinger
Kembang Sampeu : Dingdet
Kembang Jambe Mayang
Kembang Taleus : Ancal
Kembang Jambu Aer : Lenyap
Kembang Tangkil : Uceng
Kembang Jambu Batu : Karuk
Kembang Terong : Moncorong
Kembang Jarak : Uing
Kembang Tiwu : Badaus
Kembang Jotang : Puntung
Kembang Waluh : Alewoh
Kembang Jengkol : Merekenyenyen
Kembang Jeruk : Angkruk/Angkes
Baca Selengkapnya ....
Posted by USA
Wednesday, October 23, 2013
Basa sunda mangrupakeun basa nu unik, sabab loba pisan nu ngabedakeun jeung basa nu lian saperti ayana undak usuk basa, babasan/paribasa sarta lobana istilah-istilah dina basa sunda.
Dina ieu postingan, kuring rek ngabahas istilah-istilah dina basa sunda. manawi aya sawareh dulur-dulur aya nu hilap deui, atanapi teu acan terang. mugi-mugi seueur manfa'atna kanggo urang sadaya, sareng tiasa ningkatkeun kacintaan urang kana basa sareng budaya sunda.
Rundayan / Turunan
Bau sinduk : indung/bapana gantung siwur
Kait siwur : indung bapana udeg-udeg
udeg-udeg : indung bapana janggawareng
Janggawareng : indung bapana bao
Bao : indung bapana buyut
Buyut : ikndung bapana aki atawa nini
Aki : bapana indung atawa bapa
Nini : indungna indung atawa bapa
bapa : lalaki nu boga anak, salaki indung
indung : awewe nu boga anak, pamajikan bapa
anak : turunan kahiji
incu : turunan kadua, anakna anak
Buyut : anakna incu
bao : anakna buyut
Janggawareng : anakna bao
udeg-udeg : anakna janggawareng, incuna bao
gantung siwur : anakna udeg udeg
bau sinduk : anakna gantung siwur
Dulur atawa baraya ti gigir
Adi :Dulur sahandapeun
Lanceuk : dulur saluhureun
Emang/mamang : Lalaki, adina bapa atawa adina indung
Bibi : awewe, adina bapa, atawa adina indung
Toa/Ua : lanceukna bapak atawa lanceukna indung
Alo/suan : anak lanceuk atawa anak adi
kapiadi : anakna emang / bibi
kapilanceuk : anakna ua
Incu ti gigir : incuna adi, anakna alo atawa anakna suan
Aki ti gigir : lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini
ua ti gigir : anakna lanceuk aki/nini
Emang/mamang ti gigir : lalaki, anakna adi aki/nini
Bibi ti gigir : awewe, anakna ai aki/nini
Dulur atawa baraya sejenna
Besan/warang : indung atawa bapa minantu, mitohana anak
Mitoha : indung/bapak salaki atawa indung/bapa pamajikan
mantu/minantu : salaki anak atawa pamajikan anak
dahuan : lanceukna salaki atawa pamajikan
adi beuteung : adina salaki/pamajikan
dulur pituin : dulur asli
dulur teges : dulur saindung/sabapa
Maru : awewe sejen nu jadi pamajikan salaki (nyandung)
indung tere : pamajikan bapa,lain anu ngalahirkeun urang
bapa tere : salaki indung, lain nu ngalantarankeun urang lahir
anak tere : anak sampakan ti salaki atawa pamajikan
dulur tere : anak indung tere atawa anak bapa tere ti popotongan masing-masing
cikal : anak panggedena
bungsu : anak pangleutikna
pangais bungsu : lanceukna bungsu
popotongan : urut salaki atawa urut pamajikan (lantaran pepegatan) memeh kawin deui ka nu sejen
baraya : sakur nu aya dina pancakaki
baraya landes : baraya deukeut keneh
baraya laer : baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna
mintelu : baraya turunan katilu
karuhun : luluhur jalma jalma nu kungsi aya heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang
deungeun-deungeun : nu lian, atawa lain baraya
deungeun haseum : teu baraya saeutik-eutik acan
bibit buit : turunan asli
Baca Selengkapnya ....
Ngaran anak sasatoan
Anak anjing : Kirik/kicik
Anak bagong ; begu
Anak bandeng : nanar
Anak Bangbung : kuuk
Anak bangkong : buruy
Anak belut : Kuntit
Anak Bogo : Cingok
Anak boncel : Bayong
Anak Buhaya : Bocokok
Anak Deleg/gabus : Boncel/kocolan
Anak Entog : Titit
Anak Embe : Ceme
Anak Gajah : Menel
Anak hayam : Ciak/pitik
Anak japati : piyik
Anak Kancra : Badal
Anak keuyeup : Bonceret
Anak Kuda : Belo
Anak kukupu : Hileud
Anak kutu : Kuar
Anak lancah : Aom
Anak lauk : Kebul/burayak
Anak Lele : Nanahaon
Anak lubang : Leungli
Anak maung : Juag/ Aom
Anak meri : Titit
Anak Monyet : Begog
Anak munding : Eneng
Anak reungit : Utek utek
Anak sapi : pedet
Baca Selengkapnya ....
Posted by USA
Friday, September 20, 2013
kanya’ah nu jadi indung moal lapur ku ngajulangna gunung
kaheman nu jadi bapa moal perlaya ku legana alam dunya
estuning ibarat jaladri tanpa tepi, jaladra tanpa wekasan
sanajan nyawa kudu jadi taruhan
teu aya halangan asal sang anak waluya
masih nyengcelak dina kongkolak panon
kapireng juuhna cimata indung jeung bapa
merengan galindengna rumpaka basa nu ngalagena
nyurup .. nembus kana tungkusan
kalbu
Anaking... !!!
regepkeun pepeling ema jeung bapa.. !!
najan lengkah kahalang gurawesna jurang jeung jungkrang
ulah jadi alesan keur hidep dina ngahontal sagala tujuan
prak di ajar masing tekun, keur neuleuman eusining hirup
teuteup kahareup jalan nu baris disorang
nu katukang ..kade sing jadi eunteung
nyukcruk elmu, nyuprih harti omat sing nepi ka jucung
ulah kabengbat hal anu mawa tugenah, mawa cilaka diri
omat anakaing ulah ngalelebar diri.. !!
sabab hidep teh sirung harepan ema jeung bapa
nu bakal ngalalakon di mangsa nu bakal datang
emh.. paingan dina papagon kahirupan sok digambarkeun..
indung teh tunggulna rahayu...
ari bapa mangrupakeun catangna darajat
estu eta babasan teu nyalahan saeutik oge
natrat.. kanya'ahna..
nu tara luntun ku usum, moal laas ku robahna jaman...
Baca Selengkapnya ....
Posted by USA
Sunday, June 2, 2013
“ CIKALONG BOGA CARITA “
Jungjunan..
Masih kagambar dina kongkolak rasa, basa urang ngambah panineungan...
ebreh narembongan deui. Harita warna langit di wewengkon Cikalong estu
bear marahmay, jomantra atra lenglang. Sang surya leuleuy sorotna,
nyaksian urang nu ngalengkah paduduan di jalan satapak, jalan nu
meuntasan pasawahan.
Harita
lengkah teh teuing ku anca, manjangkeun lalampahan, ngarah henteu
gancang gancang cacap. Da sidik mun hate kebek ku rasa cinta, heabna
sungkan papisah, dunya ulah hayang mituray, waktu kudu tunduk ka nu keur
patuyun tuyun.
Harita salira meulitkeun asih kana ati, ku
harewos nu haroshos. “Kang, cinta teh endah, nya ? ... aah lir sajak
leubeut ku majas, lir langit taya tutugan, lir kembang arum ambeuna.
Sora salira lir angin nu rintih niiskeun batin. Harewos salira
sumarambah kana bayah, matak tigin dina asih, palias rek jalir jangji.
Lengkah ngarandeg di hiji mumunggang peuntaseun sawah. Urang calik sisi
gawir, paduduaan, reureuh sakedapan, nyawang sawah ti mumunggang.
Ah, jungjunan, asa nyeblak nyawangna. asih nu sumanding masing seungit
siga malati, palias laas ku mangsa, paralun kapurba ku jaman.
Jungjunan, harita urang duaan neuteup na amparan sawah nu keur sumedeng beukah..
Ceuk salira... lalampahan cinta dina amparan rumah tangga nya akang,
lir patani nu dalit jeung Nyi Pohacina. Silih titipkeun asih, silih
talingakeun rasa, malah mandar buahna kaala, rasana kateda ku urang
duaan.
hemmm bagja enung....
Mung hanjakal.. teu karaos kolebatna wanci,, urang kedah nutup lalakon carita, ningalkeun Cikalong nu boga carita.
Paingan cenah mun nyawang langit ku rasa cinta, estuning lajuna teu
karasa. Urang uplek silih teuleuman rasa, ari wayah teu dipirosea,
terang-terang sang surya ngalayang murag ka jurang sareupna...
Kiwari..
Guratan kaheman ngan ukur nyesakeun lambaran panineungan. Panineungan
nu hamo luntur ku usum laas ku jaman, estu bakal jadi hiji catetan “
Cikalong boga carita “
Baca Selengkapnya ....