Iket Sunda

Posted by USA Saturday, November 16, 2013 0 komentar
Filosofi Iket sunda

Iket /totopong atawa sok biasa disebut udeng nyeta kaen nu wangunna teh biasana segi opat, dipake keur nutupan/meungkeut mastaka (meungkeut mustika dina mastaka). Iket ngandung makna ngiket/meungkeut diri urang ngarah hirup teu kaluar tina aturan, boh aturan agama atawa aturan adat istiadat.

Mun nilik tina wangunna nu ilaharna,pasagi posisi diagonal jeung ditengahna 1 pasagi leutik. ngandung harti opat unsur kahirupan nu biasa disebut "opat kalima pancer"
  1. Cai
  2. Taneuh
  3. Seuneu
  4. Angin
Urang moal bisa hirup mun euweuh 4 unsur kahirupan eta. Tapi tetep diri urang nu mancerkeunnana, eta nu disebut kalima pancer teh.

Conto iket Makutawangsa
Tuluy nilik tina makena, iket nu wangunna pasagi teh dibentuk janten segi tilu. nu ngabogaan harti "Tri Tangtu" ( Agama, Adat istiadat, jeung pamarentahan). iket nu geus dibentuk segi tilu teh tulut dilipet heula sing rapih samemeh diiket nandakeun yen "Tri Tangtu" teh kudu dilakonan sing taat tuluy beungkeutkeun kana kahirupan urang.

Rupa-rupa iket

Aya loba pisan rup-rupa iket nu sok biasa dipake ku "ki sunda" (urang sunda) tapi rupa-rupa iket eta bisa dikelompokkeun jadi 2 nurutkeun asal mula ayana eta iket :
1. Iket buhun
2. Iket Rekaan kiwari
3. Iket Praktis

1.  Iket buhun nyaeta iket nu sok dipake sapopoe, nu geus aya turun temurun ti luluhur urang. Biasana rupa iket ieu aya di kampung-kampung adat nu masih ngajaga kana kabudayaannana. contona di kampung adat Naga, Kampung Adat Cikondang, Kampung adat nu aya di Banten. 
  • Rupa-rupa iket buhun diantawisna : Barangbang Semplak, Julang Ngapak, Kuda ngencar, Parekos Jengkol, Parekos Nangka, Iket Kekeongan, Maung Heuay, Porteng.
    2. Iket Rekaan kiwari nyaeta Rupa iket anu hasil kreasi sewang-sewangan (pribadi). boh "pengembangan  tina iket buhun, ide/ kreasi sorangan atawa iket buhun nu dilahirkeun deui sanggeus mangtaun-taun euweuh nu nyahoeun.

    3. Iket Praktis
        Geus jelas tina ngaranna ge, wangun iket nu dijieun pikeun ngababarikeun nu makena. teu kudu ngiket, tinggal masangkeun dina mastaka.

     Mung sakitu nu tiasa dijelaskeun ku sim kuring. Hapunten anu kasuhun, bilih aya kalepatan dina seratanna.


Baca Selengkapnya ....

Babasan jeung Paribasa

Posted by USA Friday, November 1, 2013 0 komentar
Naon hartina babasan?
Naon hartina paribasa? 
Naha babasan jeung paribasa teh hartina sarua?? 
Sawareh dulur pasti aya pananya eta. kuring rek ngajelaskeun sacara singket harti tina babasan jeung paribasa.

Babasan jeung paribasa ngandung harti nu ampir sarua. nyaeta 2nana
kaasup kecap pakeman nu ungkaranna geus matok.nu geus puguh entrep seureuhna. jadi babasan jeung paribasa mah lain ngandung harti sabenerna. Nu ngabedakeunna nyaeta paribasa mah ilaharna leuwih panjang tibatan babasan. Mun dina bahasa indonesia mah Paribasa = Peribahasa, sedengkeun Babasan nyaeta Ungkapan.
Di handap ieu Conto tina babasan jeung paribasa :

Atah Anjang : langka silih anjangan
Adigung adiguna : Takabur / sombong
Ambek nyedek tanaga midek : nafsu gede tapi tanaga euweuh
Anjing ngagogogan kalong : mikahayang nu lain-lain
Adat kakurung ku iga : Lampah goreng hese leungitna
Akal paul : jauh pisan
Aki - aki tujuh mulud : Geus kolot pisan
Ayem tengtrem : Tenang, euweuh kasieun
Asa teu beubeungeutan : Awahing ku era
Anu borok dirojok nu titeuleum disimbeuhan : mupuas kanu keur cilaka
Amis budi : hade paroman
Aya jurig tumpak kuda : aya milik teu disangka - sangka
Aya jalan komo meuntas : aya kahayang aya nu ngajak
Awewe dulang tinande : awewe nurutkeun kahayang salaki
Amis daging : babari katerap kasakit
Abong letah teu tulangan : sagala dicaritakeun sanajang pikanyerieun batur
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed : Ari umur geus kolot, tapi kahayang siga budak ngora
Agul ku payung butut : agul ku turunan
Aya pikir kadua leutik : aya kahayang
Asa ditonjok congcot : ngarasa bungah pisan
Adeang ku kuda beureum : ginding ku pakean meunang nginjeum
Birit aseupan : teu daek cicing
Biwir nyiru rombengeun : resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok : sauyunan, ngariung babarengan
Beurat birit : hese dititahna
Bali geusan ngajadi : Lemah cai kalahiran
Balungbang timur : nuduhkeun hate beresih
Bobo sapanon carang sapakan : aya kakurangan
Bilatung ninggang dage : bungah pisan
Batok bulu eusi madu : ninggang lain pitempateunna
Badak cihea : degig
Bonteng ngalawan kadu : nu hengker ngalawan nu bedas
Babalik pikir : insap
Balik pepeh : nu gering teu daek cicing
Balik ka temen : asal banyol jadi pasea
Buntut kasiran : medit
Bodo alewoh : bodo tapi daek tatanya
Bodo kawas kebo : bodo kacida
Beja mah beja : Beja ulah waka dipercaya
Bancang pakewuh : pikasusaheun
Budak keur meujeuhna bilatung dulang : keur meujeuhna beuki dahar
Bulu kapaut : kabawa ku batur
Balabar kawat : beja nu sumebar
Beak dengkak : sagala ihtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae
Batan kapok galah gawok : batan eureun kalah maceuh
Buruk buruk papan jati : hade goreng dulur sorangan
Cueut kahareup :  tereh maot
Deukeut deukeut anak taleus : Deukeut tapi taya nu nyahoeun
Disakompetdaunkeun : disamarutkeun
Dibeujeur beaskeun : dijentrekeun, dieceskeun
Dogdog pangrewong : Acara panambah
Dibabuk lalaykeun : dibabuk kenca katuhu
Dagang oncom rancatan emas : Teu saimbang
Dihin pinasti anyar pinanggih : Papasten geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
Dug hulu pet nyawa : Usaha satekah polah
Elmu ajug : Bisa mapatahan batur, ari soranganna teu bisa ngamalkeun
Gantung denge : masih dedengeeun
Ginding kekempis : Ginding tapi sakuna kosong
Gede gunung pananggeuhan : Boga andeleun pedah boga dulur beunghar
Garongmengmengeun : Taya kasabaran
Galehgeh gado : sagala dicaritakeun
Garo singsat : pagawean awewe dina aya ka teu panuju
Gurat batu : pageuh kana jangji atawa mawa karep sorangan
Goong saba karia :nonjokeun maneh sangkan kapake ku dunungan
Goong nabeuh maneh : ngagulkeun diri sorangan
Getas harupateun : Gancang napsu
Gindi pikir belang bayah : goreng hate
Hampang birit : daekan kana gawe
Hambur congcot murah bacot : goreng carek tapi berehan
Heuras genggerong : omonganna sugal
Hade gogog hade tagog :jalma sopan
Hutang salaput hulu  Hutangna kaditu kadieu (loba hutangna)
Hurung nangtung siang leumpang : nu beunghar pangabogana dipake
Hejo tihang : sok pundah pindah gawean
Harigu manukeun : dadana nyohcor kahareup
Haripeut ku teuteureuyan : gancang kapincut ku pangbibita
Harewos bojong : ngaharewos tapi kadenge ku batur
Mandap lanyap : omonganna lemes tapi ngahina
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe : kahadean mangtaun-taun leungit ku kagorengan sakali
Heureut pakeeun pungsat bahan : kurang kaboga
Hampang leungeun : gancang tunggal teunggeul
Iwak nangtang sujen : ngadeukeutan pibahayaeun
Inggis batan maut hinis : paur pisan
Jalma atah warah : teu narima didikan sacukupna
Jati kasilih ku junti : pribumi kaelehkeun ku semah
Jauh - jauh panjang gagang : jauh - jauh teu beubeunangan
kawas anjing kadempet lincar : gogorowokan menta tulung
Kawas Anjing tuntung buntut : Teu daek cicing
Kawas bueuk meunang mabuk : Ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
Kurung batok : tara indit-inditan jauh
Kawas beusi atah beuleum : beungeutna beureum awaning ambek
Kokolot begog : budak pipilueun kana urusan kolot
Kawas nu dipupul bayu : leuleus taya tangan pangawasa
Kumaha geletuk batuna, kacebur caina : kumaha brehna
Kejot borosot : gampang nyokot kaputusan teu dipikir heula
Kabawa ku sakaba-kaba : kabawa ku nu teu puguh
Kahieuman bangkong : Jiga beunghar pedah katitipan ku barang batur
Katempuhan buntut maung : Batur nu boga dosana, urang nu katempuhanna
Kawas cai dina daun taleus : taya tapakna
Kawas jogjog mondok : teu daek repeh
Kelek jalan : deukeut tapi jalanan taya nu lempeng
Kawas jaer kasaatan : Teu daek cicing
Kawas gaang katincak : Jempe
Kawas hayam panyambungan : Lumbang limbung teu puguh
Kawas kuda lepas tina gedogan : ngarasa bebas
Kaciwit kulit kabawa daging: anak nu boga dosana, kolot nu kababawa
Kandel kulit beungeut : Euweuh kaera
Kujang dua pangadekna : pagawean nu maksud dua cabak
Kokoro manggih mulud : makmak mekmek
Kawas kedok bakal : goreng patut pisan
Kaliung kasiput : loba baraya beunghar
Kawas kapuk kaibunan : leuleus taya tangan pangawasa
Kalapa bijil ti cungap : Rusiah dicaritakeun ku sorangan
Kawas kacang ninggang kajang : Nyaritana capetang tur gancang
Kawas nyoso malarat rosa : malarat pisan
Kulang canggeum : milik nu geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
Kembang buruan : budak nu keur resep ulin
Kawas leungeun palid : uyap ayap teu daek cicing
Kawas lauk asup kana bubu : hese rek kaluar
Kawas merak : Beuki kana cengek
Kawas cucurut kaibunan : goreng patut pisan/ kulimis
Kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salebak : Sauyunan
Leuleus awak : daekan
Leuleus jeujeut liat tali : gede tinimbangan
Laer gado : Kabitaan
Leutik-leutik ngagalatik : awakna leutik tapi gede kawani
Landung kandungan, laer aisan : gede tinimbangan
Lalaki langit lalanang jagat : gagah perkasa
Lauk buruk milu mijah : marokan-marokan maneh
Lesang kuras : teu bisa nyekel duit
Leumpeuh yuni : teu kuat nenjo nu cilaka
Lodong kosong ngelentrung :  Jalma loba ngomong pangartina kosong
Loba luang jeung dulang: : Loba pangweruhna
Leutik ringkang gede dulang : manusa awakna leutik jiwana gede
Legok tapak, genteng kadek: Loba pangalamanna
Meungpeun carang ku ayakan : api-api teu nyaho tapi nyaho
Murag bulu bitis : teu betah cicing di imah

Baca Selengkapnya ....

Istilah dina basa sunda bag. 4

Posted by USA Sunday, October 27, 2013 0 komentar
Ngaran - ngaran Patukangan

Anjun : Tukang nyieun parabot tina taneuh
Bujangga : Tukang nyieun/nulis carita
Candoli : Tukang ngajaga pabeasan dinu kariaan
Gending : Tukang nyieun parabot tina kuningan
Kabayan : Tukang dititah kaditu kadieu
Kajineman :1. Mandor sakitan
                  2. Tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
Kamasan : Tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
Kabojengkeng : Tukang ngagusur padati
Kulaer : Kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
Kuncen : Tukang ngurus kuburan
Legig : Tukang ngasruk dina pamoroan
Malim : Tukang naklukeun sasatoan
Maranggi : Tukang nyieun landean jeung sarangka keris
Merebot : Tukang nakol bedug
Nyarawedi : Tukang ngagosok permata
Pacakar : Bujang, juru laden
Paledang : Tukang nyieun parabot tina tembaga
Palika : Tukang teuleum (ngala lauk)
Pamatang : Tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak
Pamayang : Tukang ngala lauk di laut
Panday : Tukang nyieun parabot tina beusi
Paneresan : Tukang nyadap
Paninggaran : Tukang moro
Sarati : Tukang ngusir gajah


Baca Selengkapnya ....

Istilah dina basa sunda bag. 3

Posted by USA Saturday, October 26, 2013 0 komentar
Ngaran Kekembangan 

Kembang Awi : Eumbreuk
Kembang kadu : Olohok
Kembang Bako : bosongot
Kembang Kalapa : Suligar
Kembang Bawang : Ulated
Kembang Kaso : Curiwis
Kembang Bolang : Ancal
Kembang Kawung : Pengis
Kembang Boled : Tela
Kembang koneng : Badul
Kembang Cabe : Bolotot
Kembang Kulur : Pelepes
Kembang Cau : Jantung
Kembang Laja : Jamotrot
Kembang Cengek : Pencenges
Kembang Leunca : Pengit
Kembang Cikur : Jelengut
Kembang Limus : Seleksek
Kembang Eurih : Ancul
Kembang Lopang : Cacas
Kembang gedang : Ingwang
Kembang Muncang :Rinduy
Kembang Genjer : Gelenye
Kembang Pare : Ringsang
Kembang Hoe : Bubuay
Kembang Peuteuy : Pendul
Kembang Honje : Comrang
Kembang Salak : Sede/Gojod
Kembang Jaat : Jalinger
Kembang Sampeu : Dingdet
Kembang Jambe Mayang
Kembang Taleus : Ancal
Kembang Jambu Aer : Lenyap
Kembang Tangkil : Uceng
Kembang Jambu Batu : Karuk
Kembang Terong : Moncorong
Kembang Jarak : Uing
Kembang Tiwu : Badaus
Kembang Jotang : Puntung
Kembang Waluh : Alewoh
Kembang Jengkol : Merekenyenyen
Kembang Jeruk : Angkruk/Angkes

Baca Selengkapnya ....

Istilah dina basa sunda Bagian ka 1

Posted by USA Wednesday, October 23, 2013 0 komentar
Basa sunda mangrupakeun basa nu unik, sabab loba pisan nu ngabedakeun jeung basa nu lian saperti ayana undak usuk basa, babasan/paribasa sarta lobana istilah-istilah  dina basa sunda.
Dina ieu postingan, kuring rek ngabahas istilah-istilah dina basa sunda. manawi aya sawareh dulur-dulur aya nu hilap deui, atanapi teu acan terang. mugi-mugi seueur manfa'atna kanggo urang sadaya, sareng tiasa ningkatkeun kacintaan urang kana basa sareng budaya sunda.

Rundayan / Turunan

Bau sinduk : indung/bapana gantung siwur
Kait siwur : indung bapana udeg-udeg
udeg-udeg : indung bapana janggawareng
Janggawareng : indung bapana bao
Bao : indung bapana buyut
Buyut : ikndung bapana aki atawa nini
Aki : bapana indung atawa bapa
Nini : indungna indung atawa bapa
bapa : lalaki nu boga anak, salaki indung
indung : awewe nu boga anak, pamajikan bapa
anak : turunan kahiji
incu : turunan kadua, anakna anak
Buyut : anakna incu
bao : anakna buyut
Janggawareng : anakna bao
udeg-udeg : anakna janggawareng, incuna bao
gantung siwur : anakna udeg udeg
bau sinduk : anakna gantung siwur

Dulur atawa baraya ti gigir

Adi :Dulur sahandapeun
Lanceuk : dulur saluhureun
Emang/mamang : Lalaki, adina bapa atawa adina indung
Bibi : awewe, adina bapa, atawa adina indung
Toa/Ua : lanceukna bapak atawa lanceukna indung
Alo/suan : anak lanceuk atawa anak adi
kapiadi : anakna emang / bibi
kapilanceuk : anakna ua
Incu ti gigir : incuna adi, anakna alo atawa anakna suan
Aki ti gigir : lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini
ua ti gigir : anakna lanceuk aki/nini
Emang/mamang ti gigir : lalaki, anakna adi aki/nini
Bibi ti gigir : awewe, anakna ai aki/nini

Dulur atawa baraya sejenna

Besan/warang : indung atawa bapa minantu, mitohana anak
Mitoha : indung/bapak salaki atawa indung/bapa pamajikan
mantu/minantu : salaki anak atawa pamajikan anak
dahuan : lanceukna salaki atawa pamajikan
adi beuteung : adina salaki/pamajikan
dulur pituin : dulur asli
dulur teges : dulur saindung/sabapa
Maru : awewe sejen nu jadi pamajikan salaki (nyandung)
indung tere : pamajikan bapa,lain anu ngalahirkeun urang
bapa tere : salaki indung, lain nu ngalantarankeun urang lahir
anak tere : anak sampakan ti salaki atawa pamajikan
dulur tere : anak indung tere atawa anak bapa tere ti popotongan masing-masing
cikal : anak panggedena
bungsu : anak pangleutikna
pangais bungsu : lanceukna bungsu
popotongan : urut salaki atawa urut pamajikan (lantaran pepegatan) memeh kawin deui ka nu sejen
baraya : sakur nu aya dina pancakaki
baraya landes : baraya deukeut keneh
baraya laer : baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna
mintelu : baraya turunan katilu
karuhun : luluhur jalma jalma nu kungsi aya heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang
deungeun-deungeun : nu lian, atawa lain baraya
deungeun haseum : teu baraya saeutik-eutik acan
bibit buit : turunan asli


Baca Selengkapnya ....

Istilah dina basa sunda Bagian ka 2

Posted by USA 1 komentar
Ngaran anak sasatoan

Anak anjing : Kirik/kicik
Anak bagong ; begu
Anak bandeng : nanar
Anak Bangbung : kuuk
Anak bangkong : buruy
Anak belut : Kuntit
Anak Bogo : Cingok
Anak boncel : Bayong
Anak Buhaya : Bocokok
Anak Deleg/gabus : Boncel/kocolan
Anak Entog : Titit
Anak Embe : Ceme
Anak Gajah : Menel
Anak hayam : Ciak/pitik
Anak japati : piyik
Anak Kancra : Badal
Anak keuyeup : Bonceret
Anak Kuda : Belo
Anak kukupu : Hileud
Anak kutu : Kuar
Anak lancah : Aom
Anak lauk : Kebul/burayak
Anak Lele : Nanahaon
Anak lubang : Leungli
Anak maung : Juag/ Aom
Anak meri : Titit
Anak Monyet : Begog
Anak munding : Eneng
Anak reungit : Utek utek
Anak sapi : pedet

Baca Selengkapnya ....

Pepeling

Posted by USA Friday, September 20, 2013 1 komentar
kanya’ah nu jadi indung moal lapur ku ngajulangna gunung
kaheman nu jadi bapa moal perlaya ku legana alam dunya
estuning ibarat jaladri tanpa tepi, jaladra tanpa wekasan
sanajan nyawa kudu jadi taruhan
teu aya halangan asal sang anak waluya

masih nyengcelak dina kongkolak panon
kapireng juuhna cimata indung jeung bapa
merengan galindengna rumpaka basa nu ngalagena
nyurup .. nembus kana tungkusan
kalbu

Anaking... !!!
regepkeun pepeling ema jeung bapa.. !!
najan lengkah kahalang gurawesna jurang jeung jungkrang
ulah jadi alesan keur hidep dina ngahontal sagala tujuan
prak di ajar masing tekun, keur neuleuman eusining hirup
teuteup kahareup jalan nu baris disorang
nu katukang ..kade sing jadi eunteung
nyukcruk elmu, nyuprih harti omat sing nepi ka jucung
ulah kabengbat hal anu mawa tugenah, mawa cilaka diri
omat anakaing ulah ngalelebar diri.. !!
sabab hidep teh sirung harepan ema jeung bapa
nu bakal ngalalakon di mangsa nu bakal datang

emh.. paingan dina papagon kahirupan sok digambarkeun..
indung teh tunggulna rahayu...
ari bapa mangrupakeun catangna darajat
estu eta babasan teu nyalahan saeutik oge
natrat.. kanya'ahna..
nu tara luntun ku usum, moal laas ku robahna jaman...

Baca Selengkapnya ....

“ CIKALONG BOGA CARITA “

Posted by USA Sunday, June 2, 2013 0 komentar
“ CIKALONG BOGA CARITA “

Jungjunan..
Masih kagambar dina kongkolak rasa, basa urang ngambah panineungan... ebreh narembongan deui. Harita warna langit di wewengkon Cikalong estu bear marahmay, jomantra atra lenglang. Sang surya leuleuy sorotna, nyaksian urang nu ngalengkah paduduan di jalan satapak, jalan nu meuntasan pasawahan.

Harita lengkah teh teuing ku anca, manjangkeun lalampahan, ngarah henteu gancang gancang cacap. Da sidik mun hate kebek ku rasa cinta, heabna sungkan papisah, dunya ulah hayang mituray, waktu kudu tunduk ka nu keur patuyun tuyun.

Harita salira meulitkeun asih kana ati, ku harewos nu haroshos. “Kang, cinta teh endah, nya ? ... aah lir sajak leubeut ku majas, lir langit taya tutugan, lir kembang arum ambeuna. Sora salira lir angin nu rintih niiskeun batin. Harewos salira sumarambah kana bayah, matak tigin dina asih, palias rek jalir jangji.

Lengkah ngarandeg di hiji mumunggang peuntaseun sawah. Urang calik sisi gawir, paduduaan, reureuh sakedapan, nyawang sawah ti mumunggang.
Ah, jungjunan, asa nyeblak nyawangna. asih nu sumanding masing seungit siga malati, palias laas ku mangsa, paralun kapurba ku jaman.

Jungjunan, harita urang duaan neuteup na amparan sawah nu keur sumedeng beukah..
Ceuk salira... lalampahan cinta dina amparan rumah tangga nya akang, lir patani nu dalit jeung Nyi Pohacina. Silih titipkeun asih, silih talingakeun rasa, malah mandar buahna kaala, rasana kateda ku urang duaan.
hemmm bagja enung....

Mung hanjakal.. teu karaos kolebatna wanci,, urang kedah nutup lalakon carita, ningalkeun Cikalong nu boga carita.
Paingan cenah mun nyawang langit ku rasa cinta, estuning lajuna teu karasa. Urang uplek silih teuleuman rasa, ari wayah teu dipirosea, terang-terang sang surya ngalayang murag ka jurang sareupna...

Kiwari..
Guratan kaheman ngan ukur nyesakeun lambaran panineungan. Panineungan nu hamo luntur ku usum laas ku jaman, estu bakal jadi hiji catetan “ Cikalong boga carita “

Baca Selengkapnya ....

Ngaran Waktu Sapoe Sapeuting dumasar Kajadian Alam

Posted by USA Friday, June 1, 2012 0 komentar
Dina buku Peperenian Urang Sunda, karangan Rahmat Taufiq Hidayat, Spk. (2005:136-137), aya pedaran perkara waktu jeung usum-usuman.

Samemeh ngabogaan erloji atawa beker, urang Sunda ngagunakeun ciri-ciri waktu atawa wanci pikeun nangtukeun waktu dina sapoe-sapeuting. Ngaran-ngaran waktu teh umumna mah dumasar kana kajadian anu kaalaman ku dirina jeung alam sakurilingna, anu mere paltuding yen urang Sunda mah kacida dalitna jeung alam sakurilingeunana. Ieu di handap ngaran-ngaran waktu dina sapoe sapeuting (urang Sunda) dumasar kana kajadian alam.

    Tumorek, kira-kira tabuh 00.30 (wand keur meujeuhna sare tibra).
    Janari Sapi, kira-kira tabuh 01.00.
    Janari Leutik, liwat tengah peuting (kira-kira tabuh 0130).
    Janari Gede, kira-kira tabuh 02.00.
    Disada Rorongkeng kira-kira tabuh 02.30 (kongkorongok hayam sakali).
    Haliwawar, kira-kira tabuh 03.00-03.30 (kongkorongok hayam dua kali).
    Janari, kira-kira tabuh 04.00.
    Balebat, kira-kira tabuh 05.00 (udat-udat beulah wetan dina waktu rek pajar).
    Carangcang Tihang, kira-kira tabuh 05.30 (kira-kira lewat pajar, tetenjoan remeng-remeng keneh).
    Murag Ciibun/Meletek Srangenge, kira-kira tabuh 07.00 (mimiti tembong panonpoe, ciibun nu ngagarenclang dina dangdaunan mimiti marurag).
    Haneut Moyan/Laer Kanjut, kira-kira tabuh 08.00 (keur sedeng ngeunah dipake moyan).
    Rumangsang, kira-kira tabuh 09.00 (wanci sabada haneut moyan, panonpoe mimiti karasa panas).
    Pecat Sawed, kira-kira tabuh 10.00 (munding nu dipake magawe dilaan/dipecat sawedna tina beuheung munding nu narik wuluku/garu). Di tempat-tempat panas tabuh 10.00, di tempat-tempat nu hawana tiis tabuh 11.00.
    Manceran/Tengah Poe, kira-kira tabuh 12.00 (panonpoe aya di luhureun embun-embunan; panonpoe keur meujeuhna mancer).
    Lingsir Ngulon, kira-kira tabuh 14.00 (waktu panonpoe ngeser ka kulon).
    Panonpoe Satangtung, kira-kira tabuh 15.00 (waktu panon­poe satangtung).
    Tunggang Gunung, kira-kira tabuh 16.00-17.00 (waktu panonpoe geus rek surup ayana dina luhureun gunung).
    Sariak Layung, kira-kira tabuh 17.00-18.00 (waktu layung di langit katenjo beureum).
    Erang-Erang, kira-kira pukul 17.30-18.00 (waktu panonpoe rek surup).
    Sareupna/Harieum Beungeut, kira-kira tabuh 8.00-18.30 (waktu geus mimiti reup poek).
    Sareureuh Gaang, kira-kira tabuh 19.00 (waktu gaang eureun disada).
    Sareureuh Budak, kira-kira tabuh 21.00 (waktu barudak leutik geus mimiti sare).
    Sareureuh Kolot, kira-kira tabuh 22.00 (waktu kolot mangsana reureuh).
    Tengah Peuting, kira-kira tabuh 24.00.

Baca Selengkapnya ....

Jaman Baheula VS Jaman kiwari

Posted by USA Friday, May 11, 2012 0 komentar
Naon atuh bedana jaman baheula jeung jaman kiwari?? hayu urang lenyepan sarerea, seueur keneh perubahan positif atanapi negatif tina kamajuan jaman kiwari teh?

Kamari, sim kuring sareng dede kuswaya ngawangkong bari ngopi tepas imah bari bari nyanghareup ka buruan. Di buruan eta baheula kuring sareng dede sok ngadu kaleci, ucing sumput, maen langlayangan jeung barudak nu sejen mun mulang ti sakola teh. Kadang-kadang dina keur ulin kitu teh sok diselingan ku jampe atanapi jangjawokan bari karompak deuih macakeunna teh. Sono pisan ka jaman keur budak mun ngemut-ngemut kadinya mah. Naha bet ayeuna, asa jarang ningal barudak nu gocret di buruan jiga kitu teh. ayeuna mah maenna teh PS, internet, game online, atawa momotoran jeung sajabana. ieu meureun nya efek tina kamajuan teknologi teh?

Kamajuan teknologi emang teu tiasa dihalangan, kumargi seueur oge manfaatna. contona tina internet, urang tiasa janten luas pengetahuan teh. Mung urang kedah tiasa nempatkeunna, kumargi seueur oge dampak negatif tina kamajuan teknologi eta upami urang salah ngagunakeunnana. salah sahiji dampak nu matak prihatin pikeun urang nyaeta budak ayeuna mah masih keneh smp ges apal bokep, arasup geng motor, marabok. Rek maju kumaha negara urang mun barudak sakolana ge jiga kitu. cobi urang bandingkeun jeung barudak baheula nu kaulinanna saperti ucing sumput, maen langlayangan, jeung sajabana. sarehat budak baheula mah, ulinanna ge lulumpatan wae. palinter deuih, kumargi sok dilatih berfikir dina kaulinan teh tur otakna ge teu kacampuran ku hal-hal nu matak kotor.

Ayeuna kantun dibandingkeun ku urang sarerea, naha loba keneh mana manfaatna kaulinan baheula jeung kaulinan kiwari teh... ulah nepika kaulinan urang baheula teh leungit ku kamajuan teknologi. Mun lain urang nu ngamumule, ku saha deui????

Baca Selengkapnya ....

Golok Sunda ( Bedog Sunda)

Posted by USA 0 komentar

 Pengertian Golok

Nurutkeun Kamus Badag Basa Indonésia terbitan Balé Pustaka warsih 2005, Golok nyaéta sajenis parang atawa pedang anu ukuranana pondok. Sedengkeun parang sorangan nyaéta péso badag tapi leuwih pondok ti pedang:

Sedengkeun harti bedog dina Kamus Umum Basa Sunda ku Lembaga Basa & Sastra Sunda (Penerbit Tarate Bandung warsih 2000), Golok teh nyaeta bedog, parabot atawa pakakas pikeun motong.

Dina Ensiklopedi Sunda (Pustaka Jaya 2000) diuraikeun hartosna bedog anu mangrupa ngaran pakakas seukeut ti beusi waja, aya anu mangrupa pakakas (pakakas) sarta aya anu mangrupa pakarang (pakarang). Bedog, boh anu mangrupa pakakas boh anu mangrupa pakarang, dina basa Indonésia disebut Golok atawa parang.

Ti uraian boh dina kamus boh ensiklopedi pengertian golok nyaéta sarua kalayan bedog. Golok nyaéta istilah atawa ngaran dina basa Indonésia pikeun pakakas atawa pakarang seukeut anu dijieun ti beusi waja, anu dina basa Sunda disebut bedog.

Ngalengkepan pengertian Golok tina kamus sarta ensiklopedi diluhur, sacara fisik bedog (bedog dina basa sunda, bendo dina basa jawa, parang basa malayu) nyaéta ngaran pakakas anu kaasup kana pakakas sarta "senjata tajam", ukuranana leuwih badag ti péso tapi leuwih pondok ti pedang, ngabogaan bilah kandel sarta rubak anu dijieun ti logam.


Falsafah Bedog sunda

Bedog atawa bedog sunda pohara rupa-rupa, alatan unggal wewengkon di Jawa Kulon ngabogaan variasi wangun pangsoranganna anu disaluyukeun jeung kaperluan, fungsi, sarta karakteristik unggal masarakat pamakéna. Bedog (bedog) sunda umumna ngabogaan bilah kalayan panjang leuwih kurang 30 cm nepi ka kalayan 40 cm, tapi aya ogé bilah bedog anu ukuranana pondok atawa kurang ti 30 cm. Bedog (bedog) sunda anu ngabogaan panjang bilah leuwih ti 40cm disebut kolewang atawa gobang. Bagian utama ti hiji bedog nyaéta bilah (wilah) sarta penamaan bedog umumna dumasar dina wangun bilahnya anu dijieun ti campuran beusi sarta waja. Bahan baku anu umum dipaké ku pengrajin bedog di Jawa Kulon ayeuna nyaéta lempengan pér urut mobil. Bahan ieu relatif gampang dipibanda di tempat penjualan beusi urut. Pér mobil urut dipaké sajaba alatan leuwih murah ti bahan baku anu anyar, ogé alatan mangrupa campuran beusi sarta waja anu cocog pikeun bedog. Bilah bedog dimimitian ti buntut atawa paksi, nyaéta bagian buntut dina pangkal bilah anu diasupkeun dina cecekelan bedog (perah). Awak bilah diwangun ti beuteung (beuteung), nyaéta bagian sisi anu seukeut. Sedengkeun bagian anu mintul dingaranan tonggong (tonggong). Tungtung bilah bedog disebat congo. Tonggong bilah bedog sunda aya anu lempeng aya ogé anu bingkeng atawa dina istilah sunda bentik. Bedog sunda umumna ngabogaan wangun gagang atawa perah anu bingkeng sarta ngabogaan tungtungna ngawangun buleud (eluk). Wangun perah anu rada doyong sarta bingkeng boga fungsi ambéh bedog bisa digenggam kalayan kuat sarta merenah. Wangun tungtung perah anu buleud boga fungsi ambéh ramo cingir patali, nahan genggaman leungeun ambéh henteu ucul. Perah lolobana dijieun ti bahan kai sarta tanduk munding, sajaba ti éta ogé dipaké tanduk rusa sarta tulang sato luyu kalayan paménta. Sarung bedog disebut sarangka, fungsi utamana nyaéta ambéh bedog bisa gampang sarta aman pikeundibawa, diselipkan (disoren) dicangkéng. Wangun sarangka nuturkeun wangun bilah di jerona, lamun wangun bilah bingkeng mangka wangun perah ogé dijieun bingkeng. Kawas perah, sarangka ogé umumna dijieun ti kai.aya oge sarangka anu dijieun ti kulit sato, tapi ieu pohara arang. Sarangka anu dilengkepan kalayan asesoris tambahan mangrupa pinggel-pinggel pengikat (simpay) anu dijieun ti tanduk munding atawa lembaran logam anu disebut kalayan barlen.

Jenis Bedog Sunda

Jenis atanapi wangun bedog (bedog ) sunda rupa-rupa, alatan unggal wewengkon di Tatar Sunda ngabogaan variasi wangun pangsoranganna anu disaluyukeun jeung kaperluan, fungsi, sarta karakteristik unggal masarakat pamakéna.

Di Tatar Sunda aya sawatara wangun bedog kalayan ngaran anu sarua tapi bentukna béda di wewengkon séjén, sarta sabalikna wangun bedog anu sarua tapi ngabogaan sebutan ngaran anu béda di séjén wewengkon. Dina tulisan ieu ngaran sebutan sarta wangun bedog ngagunakeun data ti bedog sunda anu aya di Ciwidey Kabupatén Bandung Jawa Kulon.

Dumasar pamakéan bedog sunda bisa dibédakeun jadi dua, nyaéta bedog paké/bedog gawé /pakakas, saterusna disebut kalayan bedog gawé, sarta bedog sorén/golok silat/pakarang, saterusna disebut bedog pakarang. Bedog anu mangrupa pakarang dipaké pikeun beladiri (silat) atawa sahenteuna minangka ganggaman (cecekelan) anu di-sorén dicangkéng ku para jawara (Banten, Betawi), ku alatan éta sok maké sarangka (sarung). Sedengkeun bedog anu mangrupa pakakas aya anu maké sarangka sarta aya ogé anu henteu.

Bedog Gawé
Dumasar fungsi sarta pamakéanana bedog gawé bisa dikelompokkan jadi:

  • Bedog Daging / Pawon
  • Bedog Kalapa
  • Bedog Pamilikan
  • Bedog Kebon
  • Bedog Sadap
  • Bedog Pamoroan 

Bedog Pakarang

Euweuh béda wangun antara wilah bedog gawe jeung bedog pakarang. Tapi Bedog pakarang sok dilengkepan sarangka ambéh bedog bisa di-soren. Bedog pakarang umumna dijieun luyu jeung kahayang pemesannya, dijieun leuwih lemes, sarta dihias (dibéré ukiran).

Pakarang nyaéta senjata anu dijieun husus pikeun para raja sarta petinggi-petinggi di lingkungan karajaan. Dina ngajieun pakarang tangtu ngagunakeun bahan pangalusna sarta téknik husus. Ciri fisik ti pakarang anu gampang kasampak nyaéta pamor dina bilah pakarang kawas keris, kujang sarta bedog. Pamor nyaéta wangun logam hasil olahan ti pencampuran sajumlah jenis logam anu béda, anu ditempa sarta dilipet jadi hiji ku kituna ngahasilkeun tekstur/pola nu tangtu dina permukaanna. Pakarang anu ngagunakeun beusi pamor baris leuwih kuat sarta awét alatan beusi hasil olahan ieu geusasakdibandingkeun jeung beusi/ logam dawam. Unsur estetika dina bedog pakarang leuwih diperhatikan dibandingkeun kalayan bedog gawe anu leuwih ngutamakeun unsur fungsi. Penekanan dina unsur estetika atawa ornamen tinangtu saeutik loba ngurangan fungsionalitas bedog minangka pakakas.

Bedog pakarang nu make pamor henteu  saloba keris sarta kujang, kamungkinan bentukna anu badag sarta basajan éléh artistik jeung kujang sarta keris, ku kituna henteu loba dijieun. Tapi bedog nu make pamor anu disebut bedog sulangkar masih dijieun sarta bisa dipanggihan utamana di Ciomas Banten, sanajan ngajieunna ngan sataun sakali nyaéta dina tanggal 14 Maulud penanggalan Islam.

Bedog Singa

golok singa
Bentuk bilah: salam nunggal
Material bilah: besi per
Bentuk perah:hulu singa
Material perah: tanduk kerbau
Material sarangka: kayu rasamala dan kayu loka
Bentuk simeut meuting: eluk paku
dijieun ku pandai besi jeung maranggi di Ciwidey  Jawa Barat
golok singa bilah
golok singa bilah

Bedog Cepot

golok cepot
Bentuk bilah: gula sabeulah
Material bilah: besi per
Bentuk perah: mantri calik
Material perah: tanduk kerbau
Material sarangka: kayu rasamala dan kayu loka
Bentuk simeut meuting: eluk paku
dijieun ku pandai besi jeung maranggi di Ciwidey  Jawa Barat
golok cepot bilah
golok cepot bilah

Baca Selengkapnya ....

Sumur Tujuh Cibulan

Posted by USA Monday, May 7, 2012 0 komentar
Objek Wisata Kolam Renang Cibulan perenahna ± 7 Km ti puseur dayeuh Kabupatén Kuningan anu aya 100 M ti jalur jalan raya Cirebon Kuningan, Objek wisata kolam renang Cibulan dikelola ku Pamaréntah Désa Amis Kidul Kacamatan Jalaksana.

Dina warsih 1935, wayah Pamaréntah Bupati Moch.Ahmad, kolam renang Cibulan mimitian diwangun kalayan ngaran "CIBULAN JAYA" (wayah dina Pernerintah Kolonial Walanda) pikeun miarana dibikeun ka Kuwu (Kapala Désa) Amis Kidul Kacamatan Jalaksana.

Konon nurutkeun carita masarakat di wewengkon kasebut, timbulna cinyusu di Cibulan nyaéta dina wayah Putri Buyut Amis anu kaceluk kalayan kageulisanana dipinang jadi permaisuri ku Putra Buyut Talaga. Tapi, Putri Buyut Amis geus miboga kabogoh piiihannya sorangan, nepi ka dina haté Putri Buyut Amis henteu sapuk sarta henteu daék luhur pinangan Putra Buyut Talaga kasebut. Ku alatan kabiasaan atawa adat istiadat anu lumaku dina wayah éta, hésé pikeun Putri Buyut Amis pikeun nampikna sacara jelas. Mangka pikeun nyatakeun ka teu satujuanna manéhna lumpat ti panyicinganana sarta ngiles di hiji tempat.

Di tempat dimana Putri Buyut Amis ngiles, timbul asal-asal cinyusu, nepi ka kasebut ngaran Cibulan.
Dina wayah para wali nyebarkeun ageman Islam ratusan warsih anu tuluy anu berpusat di Cirebon, baris mengislamkan wewengkon Kuningan, mangka nepi ka di wewengkon Cibulan para wali manggihan asal cinyusu anu saterusna dijadikeun tempat peristirahatan. Saterusna dijieun weh kolam sarta dipelakkan lauk kancra bodas. Lauk eta ayeuna dijadikeun lauk keramat, kawas halna lauk anu aya di kolam renang Cigugur, Darmaloka, Linggarjati sarta Dinya Pesawahan.

Saméméh para wali nyebarkeun ageman Islam, wewengkon Cirebon asal mulanya patilasan Prabu Siliwangi. Alatan dipalebah kulon kolam renang Cibulan aya sumur-sumur leutik, anu kaceluk jeung sebutan "SUMUR TUJUH".Sedengkeun dikira-kira sumur tujuh ku Prabu Siliwangi dipaké minangka tempat semedi. Sumur eta ogé ku Prabu Siliwangi dipaké pikeun kaperluan nyimbeuh beungeut dibasa anjeunna baris ngasucikan diri sarta ngaheningkan cipta.
Sedengkeun ngaran-ngaran sumurna nyaeta:

Sumur Kejayaan;
Sumur Kemulyaan;
Sumur Pengabulan,
Sumur Cisandane;
Sumur Kemudaan;
Sumur Kasalametan;
Sumur Cirancana


Nurutkeun kapercayaan masarakat satempat, sakabéh sumur-sumur kasebut mangrupa hiji runtuyan hiji sarua séjén, ambéh urang menempuh bahtera hirup ngalaman kejayaan, kemulyaan, kasalametan, awét ngora, sarta sagala rencana atawa cita-cita bisa geura-giru dikabulkan. Saratna urang kudu nepungan juru konci pikeun ngayakeun permohonan leuwih tiheula. Saterusna urang sina pikeun nyimbeuh beungeut sarta mawa cai ti sumur tujuh anu dikeramatkan éta.

Komo nurutkeun masarakat di kira-kira objek wisata kolam renang Cibulan, nyaéta benerna di kira-kira sumur tujuh aya Kepiting Emas (anu wamanya keemas-emasan). Sawaktu-waktu bisa kasampak ku jalma-jalma anu baris meunang rizki (kabagjaan). Waktuna utamana dina jum'at kliwon. Ngeunaan kebenarannya kapercayaan kasebut Wallahu Alam, tapi nepi ka ayeuna loba kénéh jalma-jalma anu datang pikeun berziarah katempat kasebut, utamana jalma-jalma ti luar wewengkon Kabupatén Kuningan.

Baca Selengkapnya ....

Karang Kamulyan - legenda ciung wanara

Posted by USA 0 komentar
Loka Karangkamulyan nyaéta hiji loka purbakala bersejarah sarta loka arkeologi anu perenahna di Désa Karangkamulyan, Cijeungjing, Ciamis, Jawa Kulon, Indonésia. Loka ieu mangrupa titilar ti jaman Karajaan Galuh anu corakna Hindu-buddha.
Legenda loka Karangkamulyan nyaritakeun ngeunaan Ciung Wanara anu nyambung jeung Karajaan Galuh. Carita ieu loba dibumbuan ku carita kapahlawanan anu rongkah kawas kasaktian sarta kaperkasaan anu henteu dipiboga ku jelema dawam tapi dipiboga ku Ciung Wanara.

Legenda Ciung Wanara

Carita Ciung Wanara mangrupa carita ngeunaan Karajaan Galuh (jaman saméméh nangtungna Karajaan Majapahit sarta Pajajaran). Kasebutkeun raja Galuh nalika harita Prabu Adimulya Sanghyang Cipta Permana Di Kusumah jeung dua permaisuri, nyaéta Dewi Naganingrum sarta Dewi Pangrenyep. Ngadeukeutan anjogna ajal, sang Prabu ngasingkan diri sarta kakawasaan dibikeun ka Patih Bondan Sarati alatan Sang Prabu tacan miboga anak ti permaisuri kahiji (Dewi Naganingrum). Singget carita, dina maréntah Raja Bondan ngan mementingkan diri sorangan, ku kituna luhur kawasa Pangéran Dewi Naganingrum dianugerahi saurang putera, nyaéta Ciung Wanara anu jaga baris jadi panerus resmi karajaan Galuh anu adil sarta wijaksana.

Struktur lokasi

Wewengkon anu legana kurang leuwih 25 Ha ieu nunda sagala rupa barang-barang anu ngandung sajarah ngeunaan Karajaan Galuh anu kalolobaan ngawangun batu. Batu-batu ieu tempatna teu pisan-pisan padeukeut tapi nyebar jeung bentukna anu beda-beda. Batu-batu ieu aya di jero hiji wangunan anu strukturna dijieun tina tumpukan batu anu bentukna ampir sarua. Struktur wangunan ieu ngabogaan hiji panto nu nyarupaan jiga hiji kamar.

Batu-batu anu aya di jero struktur wangunan ieu ngabogaan ngaran sarta nunda caritana sorangan, kitu ogé di sawatara lokasi séjén anu aya di luar struktur batu. Unggal ngaran kasebut mangrupa pamerean ti masarakat anu disambungkeun jeung carita atawa mitos ngeunaan karajaan Galuh kawas ; pangcalikan atawa tempat diuk, lambang peribadatan, tempat ngababarkeun, tempat sabung kotok sarta Cikahuripan.

Loka Karangkamulyan perenahna di wewengkon nu hawana sejuk sarta geus dilengkepan kalayan areal parkir anu lega kalayan tangkal-tangkal badag. Sanggeus gerbang utama, loka kahiji anu baris diliwatan nyaéta Pelinggih (Pangcalikan). Pelinggih mangrupa hiji batu bertingkat-tingkat boga warna bodas sarta ngawangun sagi opat, kaasup kana golongan Yoni (tempat pemujaan) anu tempatna tibalik, dipaké pikeun altar. Di handapeun Yoni kasebut aya sawatara buah batu leutik anu saolah-olah minangka panyangga, ku kituna méré gambaran kawas hiji dolmen (kubur batu). Tempatna aya dina hiji struktur tembok anu rubakna 17,5 x 5 méter.

Sanghyang Bedil

Tempat anu disebut "Sanghyang Bedil" mangrupa hiji rohangan anu dikurilingan ku tembok ukuranana 6.20 x 6 méter. Luhur tembok kurang leuwih 80 cm. Panto nyanghareup ka arah kalér, di hareup panto asup aya struktur batu anu boga fungsi minangka aling (schutsel). Di jero rohangan ieu aya dua buah menhir anu perenahna di luhur taneuh, unggal ukuranana 60 x 40 cm sarta 20 x 8 cm. Bentukna nempokeun talari megalitik. Nurutkeun masarakat kira-kira, "Sanghyang Bedil" bisa dijadikeun pertanda datangna hiji kajadian, utamana lamun di tempat éta berbunyi hiji letusan, tapi ayeuna pertanda éta geus euweuh deui.

Penyabungan Hayam

Tempat ieu perenahna di palebah kidul ti lokasi "Sanghyang Bedil", kira-kira 5 méter jarakna, ti panto asup nyaéta mangrupa rohang kabuka anu tempatna leuwih pendék. Masarakat sekitar loka nganggap tempat ieu mangrupa tempat sabung hayam Ciung Wanara sarta hayam raja. Di gigireun / sabeulah éta mangrupa tempat husus pikeun memlih raja anu dipigawé jeung sistem démokrasi.


Lambang Peribadatan

Batu anu disebut minangka "Lambang Peribadatan" mangrupa bagean tina kemuncak, tapi aya ogé anu nyebutkeunana minangka fragmen candi, masarakat nyebutkeunana minangka stupa. Bentukna éndah dipapaésan ku pahatan-pahatan basajan anu mangrupa titilar Hindu. Lokasi batu ieu aya di jero struktur tembok anu ukuranana 3 x 3 m, luhur 60 cm. Batu kemuncak ieu kapanggih 50 m ka arah wétan ti lokasi ayeuna. Di tempat ieu aya dua unsur budaya anu nu béda nyaéta ayana kemuncak sarta struktur tembok. Struktur tembok anu kasusun rapih némbongkeun lapisan budaya megalitik, sedengkeun kemuncak mangrupa titilar ageman Hindu.

Panyandaran

Diwangun luhur hiji menhir sarta dolmen, tempatna dikurilingan ku batu bersusun anu mangrupa struktur tembok. Menhir ukuranana luhur 120 cm, rubak 70 cm, sedengkeun dolmen ukuranana 120 x 32 cm. Numutkeun carita, tempat ieu mangrupa tempat kalahiran Ciung Wanara. Di tempat éta pisan Ciung Wanara dilahirkan ku Dewi Naganingrum anu saterusna orok éta dipiceun sarta dihanyutkan ka walungan Citanduy. Sanggeus ngababarkeun Dewi Naganingrum nyender di tempat éta salila opat puluh poé jeung maksud pikeun nyageurkeun kaséhatanana sanggeus ngababarkeun.

Cikahuripan

Di lokasi "Cikahuripan" henteu aya tanda-tanda ayana titilar arkeologis. Tapi mangrupa hiji sumur anu tempatna deukeut jeung pasamoan antara dua walungan, nyaéta walungan Citanduy sarta walungan Cimuntur. Sumur ieu disebut "Cikahuripan" alatan dianggap ngeusi cai kahirupan (di mana cai dipercaya minangka lambang kahirupan). Sumur ieu mangrupa sumur langgeng alatan caina henteu kungsi garing sapanjang warsih.

Astana Adipati Panaekan

Di lokasi Astana Adipati Panaekan ieu henteu aya tanda-tanda ayana titilar arkeologis. Tapi mangrupa batu anu ngawangun bunderan susun tilu, nyaéta mangrupa susunan batu kali. Dipati Panaekan nyaéta raja Galuh Gara Tengah anu pusatna di Cineam sarta meunang gelar Adipati ti Sultan Agung Raja Mataram.

Penyelidikan loka

Nurutkeun "penyelidikan" tim arkeologi ti Balar anu dipingpin ku Dr Tony Jubiantoro dina warsih 1997, loka Karangkamulyan mangrupa titilar Karajaan Galuh anu kahiji. Di tempat ieu kungsi aya kahirupan mimitian abad ka 9 disimpulkan alatan dina penggalian geus kapanggih gagarabah ti jaman Dinasti Ming. Loka ieu perenahna di antara dayeuh Ciamis sarta dayeuh Banjar, jaraknya kira-kira 17 km ka arah wétan ti dayeuh Ciamis atawa bisa ditempuh kana kendaraan kira-kira 30 menit.

Loka ieu ogé bisa disebutkeun minangka loka anu pohara strategis alatan babatesan jeung pasamoan dua walungan nyaéta Walungan Citanduy sarta Cimuntur, jeung wates palebah kalér nyaéta jalan raya Ciamis-banjar, palebah kidul walungan Citanduy, palebah kulon mangrupa hiji parit anu rubakna kira-kira 7 méter nyieun tanggul kuna, sarta wates palebah wétan nyaéta walungan Cimuntur. Alatan mangrupa titilar sajarah anu pohara berharga, pamustunganana wewengkon ieu ditetepkeun minangka wewengkon cagar budaya ku Pamaréntah Indonésia.

Minangka obyek wisata

Sanajan henteu ditetepkeun janten obyek wisata, loka ieu kabuka pikeun nu datang umum. Di gigireun / sabeulah ngalingkung loka, para pangunjung loka bisa nepungan puluhan warung dahar kalayan menu khas lokasi kasebut, nyaéta pais hayam, pais lauk mas sarta buah kalapa.

Baca Selengkapnya ....
Blog Urang Sunda Asli Desain Ku USA.